Kamis, 09 September 2021

teks dekripsi rumah (tugas)

 Assalamualaikum
Sampurasun

Bumi abdi aya di pondok Sukahati Indah, kelurahan Sukahati, kecamatan Cibinong.

Bumi abdi ngabogaan lingkungan anu bersih sarta endah, salian eta hawana sejuk lantaran bumi abdi ayana ditempat anu jauh tina polusi sapertos jalan raya sarta pabrik.

Bumi abdi ngabogaan halaman anu lumayan ageung dipayunen bumi. Disisina bumi abdi dipelakan ku sagala rupa macem tatangkalan anu tiasa nenangkeun hate pikeun saha wae anu ningalina.

Kampung abdi kaasup salah sahiji kampung favorit di Sukahati. Bumi abdi ngabogaan 3 rohang kamar, ubin sareng sadaya rohangan dina kamar abdi sadayana atos nganggoan keramik, jadi hawana tiis komo deui lamun ti enjing mah.

Salian eta, bumi abdi ngabogaan rohangan pawon ageung anu tiasa dianggoan masak ku umi sareng para anakna. Lain saukur dianggo kagiatan masak hungkul, nanging pawon di bumi abdi oge kadang dianggo kagiatan makan lamun jam makan, sareng dijadikeun rohang kumpul bade sadulur. Warna pager bumina biru jeung putih.